Contoh Teks Pembawa Acara Peringatan Isra Miraj Atau Rajaban Bahasa Sunda Singkat Beserta Susunan Acaranya

4 minutes reading
Tuesday, 31 Jan 2023 04:00 1 Arif Rahman

Portalbaraya.com – Berikut ini kami sajikan Contoh Teks Pembawa Acara Peringatan Isra Miraj Atau Rajaban Bahasa Sunda Singkat.

Semoga Contoh Teks Pembawa Acara Peringatan Isra Miraj Atau Rajaban Bahasa Sunda Singkat ini bisa menjadi referensi dan acuan khususnya bagi yang ditunjuk menjadi seorang MC atau pembawa acara pada peringatan tersebut khususnya bagi penutur yang wilayahnya mayoritas berbahasa Sunda.

Selain diterapkan di lingkungan Masjid, Contoh Teks Pembawa Acara MC Isra Miraj 2023 atau 1444 H ini juga bisa dipakai dilingkungan lainnya seperti disekolah, instansi pemerintahan, pondok pesantren dll.

Baca Juga: Contoh Teks Pembawa Acara MC Isra Miraj 2023 atau 1444 H Dilengkapi Susunan Acara dari Awal Hingga Akhir

Isra Miraj merupakan peristiwa yang selalu diperingati oleh sebagian umat Islam setiap tahunnya yaitu pada bulan Rajab.

Umumnya Isra Miraj diperingati di berbagai instansi mulai dari tingkat desa, masjid, instansi pemerintah, sekolah dll.

Dalam Acara Isra Miraj sudah barang tentu membutuhkan MC atau Moderator untuk mengatur acara supaya dapat berjalan baik dan lancar.

Berikut ini kami sajikan contoh teks Isra Miraj yang baik dan benar, dan tentu saja dapat kita gunakan sebagai referensi ketika menyelenggarakan peringatan Isra Miraj.

Contoh Teks Pembawa Acara Isra Miraj Atau Rajaban Bahasa Sunda

Bismillahirrahmanirrahim

Assalamualaikum Warahmatullahi Wabarakatuh

Bapa Kepala SMP Negeri 1 Karang Nunggal anu ku sim kuring dipihormat
Bapa Ustad Amir anu ku sim kuring dipihormat
Bapa/Ibu guru kalih rẻngrẻngan tata usaha anu ku sim kuring dipihormat,
teu kakantun rẻrẻncangan sadaya anu ku sim kuring dipikareueus

Langkung ti payun sumangga urang manjatkeun puji sinareng syukur ka Gusti Nu Maha Suci, Allah SWT, anu parantos ngalẻlẻrkeun ni’mat sareng kasehatan dugi ka urang sadaya tiasa kempel ngariung di ieu tempat kanggo pangẻmut dinten Isra Mi’raj Nabi Muhammad SAW.

Solawat sinareng salam mugi tetep ngocor ka jungjunan urang, Kangjeng Nabi Muhammad SAW, ka kulawargina, sohabatna, tug dugi ka urang salaku umatna dugi ka dinten kiamah. Aamiin. Simkuring ngadeg di payuneun hadirin sadaya wirẻh kapancẻnan salaku panata acara seja ngadugikeun sababaraha acara anu baris kasanggakeun, di antawisna :

1. Bubuka
2. Maos ayat suci Al-Qur’an dilajeungkeun solawat nabi
3. Laporan ti Ketua Panitia Pelaksana
4. Pamapag ti Bapa Kepala SMP Negeri 1 Karang Nunggal
5. Taushiyah
6. Doa/Panutup

Hadirin sadaya anu ku sim kuring dipihormat supados teu nyangkolong kana waktos, sumangga ieu acara urang buka ku maos basmalah sasarengan, Bismillahirrahmanirrahim.

Acara kadua, maos ayat suci Al-Qur’an dilajeungkeun kana aosan solawat nabi. Kakersana ustad Yadi mangga dihaturanan.

MC : Hatur nuhun ka kersana ustad Yadi anu parantos ngaoskeun ayat suci Alqur’an sareng mingpin aosan solawat nabi, malahmandar janteun panambih-nambih kaimanan sareng kataqwaan. Aamiin..

Nincak kana acara katilu, laporan Ketua Panitia Pelaksana Peringatan Isra Mi’raj. Ka kersana Bapak H. Thoriq mangga dihaturanan ka payun.

MC : Hatur nuhun ka kersana H. Thoriq anu parantos ngadugikeun laporanana, mudah-mudahan ageung manfaatna.

Nincak kana acara kaopat, pamapag ti Bapa Kepala Kepala SMP Negeri 1 Karang Nunggal. Ka Pangersa Bapa Drs. Ali Sadikin waktos sinareng tempat disayogikeun.

MC : Hatur nuhun ka kersana Bapa Drs. Ali Sadikin , anu parantos ngadugikeun pamapagna, mugia ageung manfaatna.

Nincak kana acara kalima, nya ẻta taushiyah/siraman ruhani ti Almukarom Bapak KH. Akhyar Ilman Sumangga waktos sinareng tempat disayogikeun.

MC : Hatur nuhun ka kersana Bapa Ustad KH. Akhyar Ilman anu parantos ngadugikeun taushiyahna, mugia ageung pisan manfaatna kanggo urang sadaya.

Nincak kana acara nu terakhir, nya ẻta doa/panutup. Acara doa ieu baris dipingpin ku Bapa Ustad Tatang Sumangga Bapa Ustad Tatang dihaturanan kanggo mingpin doa.

Hatur nuhun ka kersana Bapa Ustad Tatang anu parantos mingpin doa, mugia doa urang sadaya di kobul ku AllaH SWT. Aamiin.

Sumangga ieu acara urang pungkas ku aosan hamdalah. Alhamdulillahirabbil‘alamin.

Ti simkuring, rupina sakitu anu kapihatur. Sim kuring ngahaturkaeun nuhun ka rerengrengan panitia anu parantos ngabantosan tina sagala rupi hal pikeun ngalancarkeun acara ieu. Hapunten bilih aya basa anu kirang merenah.
Billahi taufik walhidayah

Wassalamu’alaikum wr.wb.

LAINNYA